Hiji Waktu
Aya wanoja dijanjian nu amis
Aya wanoja dijanjian imah gedong pager teralis
Aya wanoja geulis dijanjian ku Alphard jeng Fortuner
Kitu cek si aki teh....
Aya nu ayu dijanjian Villa di cikole Lembang'
Kitu jeng kitu polah katut jangjina
Abong letah teu tulangan
Ngageuleung rayuan mileuleuheung
Cuek bebek pokona mahlah beibeeeh....
Aeh Aeh....eta si akang...
Noyod teu dipikir panjang
Jurus jitu nipu diri
Nu manis, Nu geulis, Nu ayu kataraji
Jempol opat kanggo si akang
Kupinter ngareka basa
Iraha atuh akang rek jujurna?
Hiji waktu bakal cilaka ku pamolah sorangan...
Mangga Tah kangge nu rumaos...heuheu...