Senin, 01 April 2013

Panyakit Geus Dahar


Adina

( Carita 18 kurang saeutik....)

Kacaritakeun dina siji waktu nyaeta malam juma'ah, siodang jeung siijah keur pasea.
Rongkah....ngarana ge nu ngajalanan rumah tangga..pasti sok aya wae nu matak jadi pipaseaeun
jeung piomongeunana. Duanana nepikeun teu patanya masing-masing embung eleh jeng embung 
ngelehan. Pas keur sare oge....duanana patonggong tonggong.....
Ceuleungkung si odang ngomong.....

Odang : "...Geura sare atuh maneh teh..!!!!"..
Siijah mikir...naha salakina ngajak ngomong kamanehna?.....kapanan keur baeud ka abi....
"...Naha bet ngomong?....Ceunah keur baeud ka abi..?"...cek siijah bari angger nonggengan.
"Ge-eR wewww...!!!..barina ge lain ngomong jeung maneh sarijah!." bari ngalieuk sakeudeung ka ijah.
Tuluy ijah nembalan deui..."..Jeung saha atuh?boa akang teh gelo ngomong sorangan..."..bari nyeungir 
siga kuda.
"Uwing mah ngomong ka adi uwing nu di handap...geus peuting kieu kalahkah hudang...
matak bieu dititah sare ge." cek siodang bari ngeukeupan etana...

Duanana jeumpling...
Teu kungsi lila.......
Tuluuuuyy.....

Ijah nyarita deui 
"...ijah mah ngambeukna ka akang...da lain ka adi akang....burukeun titah kadieu adina kang.."
Bari morosotkeun sampingna....


wkwkwkwkwkwkwk.....

Minggu, 31 Maret 2013

Hiji Waktu

Hiji Waktu
Aya wanoja dijanjian nu amis
Aya wanoja dijanjian imah gedong pager teralis
Aya wanoja geulis dijanjian ku Alphard jeng Fortuner
Kitu cek si aki teh....
 Aya nu ayu dijanjian Villa di cikole Lembang'

Kitu jeng kitu polah katut jangjina
Abong letah teu tulangan
Ngageuleung rayuan mileuleuheung
Cuek bebek pokona mahlah beibeeeh....

Aeh Aeh....eta si akang...
Noyod teu dipikir panjang
Jurus jitu nipu diri
Nu manis, Nu geulis, Nu ayu kataraji

Jempol opat kanggo si akang
Kupinter ngareka basa
Iraha atuh akang rek jujurna?
Hiji waktu bakal cilaka ku pamolah sorangan...

Mangga Tah kangge nu rumaos...heuheu...

Diantos


Abdi nampi
Abdi sayogi 
Dileuleuheung ku salira

Mung sakieu ayana
Mangga nyanggakeun sajalantrahna
Teu aya nu disumputkeun

Mugia
 Ibu Rama salira nampi
Mugia 
Aranjeuna heunteu kuciwa
ka abdi

Mangga
Diantos kasumpingana
Wilujeng teupang dina waktosna


* Photo Ti Google

Sobat

Ari Sobat teh nyaeta babaturan deket
Batur katelahna mah
Deungeun-deungeun kaitungna mah
Asalna teu wayuh pisan...
Jalma asing
Eta baheula

Ayeuna, lain deui lalakona
Sobat lir ibarat dulur sakandung
Sapapait samamanis
 
Kanyeri oge kabagjaan
dirasakeun babarengan

Alhamdulillah...
Batur jadi sobat dalit
Sobat dalit nu ningkat jadi dulur deket
Sobat nu matak jadi tibelat
Mugia runtut raut salawasna...

AMIIN..

* MUgi katampi ieu munutan puisi 

Nguyung

Asih urang teh bet nepi dieu ning...
Abot geulis paturay teh.

Longkewang asa diawang-awang
Nguyung asa dialungkeun kawalungan

Ngalengleong palid ka hilir
Bari Narawangan loba pikir

Nyu'uh kana lahunan kanya'ah
Tapi duka kanya'ah ti saha

Beuuu........
NALANGSA

Kolong Jambatan Layang Pasopati Pelebah RS.Hasan Sadikin
Bandung, 1 April 2013